KIDUNG P.P.S.I Karya Kolonel R.H.Sutisna.
1957
(1)
Silat aing silat maung
Silat maung siliwangi
Silatna para guriang
Nu ngancik di saba langit
Kiwari keur makalangan
Makalangan niat mepeling
(2)
Eling ka para karuhun Kanu sakti Embah Kaher
Kapara wali salapan anu ngagrum elmu tauhid
Sareng prabu kiansantang
Ieu kuring P.P.S.I
(3)
Seja tumut elmu luhung
Numutkeun sabda Ilahi
Anging Allah Nu Kawasa
Nu kagungan bumi langit
Manusa mah taya daya
Upaya pon kitu deui.
(4)
Palias sombong takabur
Matak kawalat nya diri
Silokana alam nyata
Tangkal pare nu ditilik
Dangah mun parena hapa
Tungkul mun parena eusi
(5)
Elmu silat ge ka asup
Sing nyaah ka fakir miskin
Sing rajin kana ibadah
Tanjeurkeun Islam sajati
Jeung ulah poho sahadat
Iman eling ka Yang Widi
(6)
Mangka hirup kudu rukun
Jeung pamarentah ngahiji
Pacuan ulah rek bedang
Geura singkil P.P.S.I
Pembangunan geura tunjang
Sangkan waluya nagari
(7)
Saksina para karuhun Kana jasa P.P.S.I
Bebentengna Pancasila
Sagetih jeung Siliwangi
Satulang jeng sapta marga
Nungamanken sangria
(8)
Pamungkasna ieu kidung
Prak ngadu’a ka Illahi
Neda rido ti Pangeran
Sangkan pamaksudan hasil
Aman makmur Indonesia
Mangka unggul P.P.S.I